Atmosphere
Atmosphere atawa mood dina karya sastra mah kaasup kana rékaan suasana anu dipaké ngalataran carita sangkan némbongkeun gambaran kanu maca kana léokna kajadian nu bakal lumangsung, naha bakal pikabungaheun atawa bakal pikaketireun. Saheulaanan mah bisa digunakeun istilah suasana.[1] Ieu petikan di handap dicutat tina novel kalepatan Putra Dosana Ibu Rama(1927) karangan Joehna (baca: Yuhana), bagian anu rék patepungna dua rumaja dina suasana suka bungah.[1] Dina poé Minggu pasosoré, langit mani lénglang taya nu ngahalang-halang, lir sutra paul ngading-ding semu nu midanga, angin leutik ngadalingding, nebak kana gedong-gedong nu garandang, dasar dayeuh Bandung nu semu dilingkung ku gunung, pasir mani ngelir, jalan butbat laléndor paranti nu mundar-mandir.[1] Panonpoé ménggok ngulon, sinarna gading lir emas anyar disangling, sumorot sumerat sumebray, lir jamparing kancana, matak waas lamun ditingali, bet jiga nu memendakan semu isin, réhna rék tepang jeung indung peuting.[1]
Unsur Novel
[édit | édit sumber]Kritikus anu nganalisis umumna ngabedakeun tilu unsur nu ngawangun novel nyaéta galur, panokohan jeung latar. Salian ti éta nu lian mah sipatna simbolis anu tina téori modérn mah disebut Atmosphere (suasana) jeung Tone (Nada).[2]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung. 2016. p. 23.
- ↑ Wicaksono, Andri (2014-04-30). Pengkajian Prosa Fiksi (dalam Indonesian). PenerbitGarudhawaca. ISBN 9786027949256.